Langsung ke konten utama

NADHOM SYAHADATAEN SUNDA

NADHOM SYAHADATAEN MIFTAHUL HUDA MANONJAYA

 اشهد ان لا الها الا الله واشهد ان مهحد رسول الله

Nekadkeun abdi kalawan ma’rifat sareng tasdek

: اشهد

Kana saestuna kalakuan sareng tingkah

: ان

Teu aya deui pangeran anu maojud, anu wajib diibadahan,anu hak ditaati  parentah sareng laranganana

 

: لا اله

anging gusti allah       

: الا الله

sareng nekadkeun abdi kalawan ma’rifat sareng tasdeq      

 

: واشهد

kana saestuna kanjeng nabi Muhammad                       

 

: ان مهحد

eta utusan allah

رسول الله

Ari patokan ma’rifat eta kieu :

ادراك جازم بحيث لا يقع معه تردد موافق للواقع ناشئ عن دليل

Pamanggih anu jazimnu teu kena owah gingsir anu akur jeung buktina nu timbul tina alesan

Ari patokan tasdeq eta kieu :

مع الاذعان والقبول

Dibarengan pangakuan sarta panarimaan

Ari segat tasdeq eta kieu :

رضيت بالله ربا وبالاسلام دينا وبمحمد نبيا ورسولا وبالقران اماما وبالمؤمنين اخوانا

Ridho abdi

رضيت

Ka gusti allah

بالله

Abdi mangeran

ربا

Sareng kana agama islam

وبالاسلام

Abdi beragama

دينا

Sareng ka kanjeng nabi Muhammad

وبمحمد

Abdi nganabi

نبيا

Sareng abdi ngarosul

ورسولا

Sareng kana al-qur’an

وبالقران

Dipake pedoman

اماما

Sareng ka jalma anu iman

وبالمؤمنين

Abdi duduluran

اخوانا

 

BAGIAN SYAHADAT

Syahadat dua bagian

Kahiji syahadat syar’an

Kadua syahadat munjin

Kade kudu telik pisan

 

Ta’rifna syahadat syar’an

Kadar-kadar nu ngucapkeun

Kalilmah syahadataen

Heunteu nilik pateqadan

 

Manfaat syahadat syar’an

Bisa disebut mu’minin

Mungguh hukum kadunyaan

Kaya halal peupeuncitan

 

Halal ditikahkeunana

Ka jalma anu islamna

Jeung halal nampa warisna

Ti jalma anu islamna

 

Ari mungguhing allahna

Jeung mungguhing akheratna

Kudu terus jeung munjinna

Engke penjelasanana

 

Kanjeng nabi tos nyaurkeun

Anjen kudu ngahukuman

Ku dzohirna catitaan

Jeung dzohirna kalakuan

 

Jeung teu kudu ngahukuman

Nu dina hate disimpen

Da taya nu uningaeun

Salianti dzat pangeran

 

Lamun dzohir kalakuan

atawa dzohir ucapan

aya anu ngabatalkeun

nu disebu pamurtadan

 

batal syahadat syar’anna

sanajan ngucapkeunana

kana kecap syahadatna

laku ucap nu murtadna

 

kaya asup ka gareja

dibarengan ku ngahaja

atawa nyembah berhala

kaya patung nu baheula

 

ta’rifna syahadat munjin

eta jalma nu ngucapkeun

kalimah syahadataen

dibarengan pateqadan

 

teqad anu marifatna

jeung teqad anu tashdeqna

netepan kana syaratna

marifat reujeung tashdeqna

 

ari syarat ma’rifatna

kudu kumpul nu opatna

kahiji teqad jazimna

pateqadan nu yakinna

 

lain teqad nu raguna

atawa dugaanana

anu teu aya mang-mangna

tapi gilig jeung yakinna

 

ari syarat kaduana

teu kena owah gingsirna

moal barobah teqadna

hingga dugi ka maotna

 

lamun neqadkeun ayeuna

sabot usum jeung baturna

jaga mah kumaha eungkena

mungkin teqad rek robahna

 

kafirna the ti ayeuna

da arek owah gingsirna

heunteu jadi ma’rifatna

mungguhing gusti allahna

 

syarat anu katiluna

anu diteqadkeunana

kudu akur jeung buktina

heunteu nyalahan sifatna

 

sifat ceuk ahli sunnahna

nu aya qur’an hadisna

teu salah metakeunana

akur reujeung aqoidna

 

margi kitu diwajibkeun

nu hayang syahadat munjin

nyaho kana aqoid iman

bisi jeung aqoid nyalahan

 

lamun jazim jeung teeqadna

yen allah pangeranana

yen Muhammad the rasullna

ngan teu akur jeung buktina

 

alloh  nu nyurupna badan

bumi langit panyurupan

didinya allah nyicingan

atawana dihijikeun

 

eta teqad nyulayaan

reujeungbuktina pangeran

da alloh heunteu butuheun

kana tempat pingancikeun

 

nu kitu salah teqadna

heunteu akur jeung buktina

heunteu sah iman islamna

mungguhing gusti allahna

 

syarat anu kaopatna

kudu terang kana dalilna

anu teu terang dalilna

eta teu sah ma’rifatna

 

eta ceuk ibnu arobby

jeung pendapat syekh Sanusi

anapon ceuk syekh Dasuki

taya dalil ma’rifat jadi

 

dalil kadar kawajiban

lain syarat kama’rifatan

pikeun jalma nu kadugaeun

kana dalilna mikirkeun

 

kadua syahadat munjin

kudu tasdeq nu ngucapkeun

tasdeq aya dua rukun

kahiji rukun idzi’an

 

idz dzi’an eta ngakukeun

ka alloh kuring mangeran

ku Muhammad di nabian

Muhammad teh rasul kuring

 

Rukun tasdeq kaduana

Nyaeta kudu qobulna

Narima ajaranana

Ti allah jeung ti rasulna

 

Mun can bisa ngalakonan

Tapi hate mah nampanan

Rumaos kalelepatan

Eta qobul sahna iman.

 

---------------------------

 

 

Komentar

Postingan populer dari blog ini

komando latihan pertempuran (posma angkatan 12 miftahul huda)

 Komando Latihan Pertempuran disini mujahidah dilahirkan berjiwa kesatria merdeka namanya dua belas angkatan kita Hutan rimba rawa laut di tempa itulah sahabat kita semangat membara tak pernah menyerah merdeka slalu siap siaga Dimana kami berada miftahul huda slalu di dada merdeka berkorban jiwa raga demi membela agama 2x لا اله الله.لااله الله Berjuanglah kita harus terus berjuang marilah segera bina perdamaian hancur tumpurkan angkara murka memperkokoh barisan kita Dibawah naungan kalam ilahi  dibimbing dibina para kiyai untuk agama dan negeri ini miftahul huda harga mati Segra...sergap...siap...

Yel-yel Posma angkatan 12 Miftahul Huda manonjaya

 Yel-yel Posma angkatan 12 Miftahul Huda manonjaya Tutup mulut...Hm buka mulut...Ha tutup mulut,buka mulut... Hm..Ha..Hm.. (2x) i know i can (2x (intro)) oooo....i know oooo.. i can i know i can every one the one the one the pix miftahul huda is the bast,posma 12 Hey...home anybody home meet not drink and many have i nen #steer i will be,he...he...he....  ((#) 2x) Assalam assalamualaikum mus salam (2x) posma putri angkatan dua belas (2x) #pam pareram.... re resimen santri ma'hadul aly MA 1 angkatan 12 ((#) 2x) Merdeka Ha.... Merdeka Hua....